P
A N G A N T E U R
Kalayan ngucapkeun Alhamdulillah nu nyusun réngsé ngagarap
ieu tulisan sanajan seuseut seuat, hésé anggeus loba horéamna, meureun pédah
lain piduiteun. Ieu mah ditulis soteh keur mulangkeun deui panineungan jaman
keur budak waktu nu nyusun di rorok ku nini, Lamun dina waktu nu rinéh tur salsé sok dipangdongéngkeun.
Matak hapa hui eta
istilah pun nini, lamun nyebutkeun ngaran atawa nyaritakeun lampah
karuhun.Sabab kitu nu nyusun dina lebah nulis ngaran karuhun awalna sok maké
sesebutan kapi ti istilah rundayan, dina jero kurung keur negeskeun yén nunyusun
kapi naon ka éta karuhun contona ( Buyut ) Abdurahman sabab nunyusun pernahna kapi buyut.
Bener
henteuna ieu tulisan, walallahu,alam da
sakadar dongéng, kadang meureun dongéng nu di dongéngkeun deui. Tapi sanajan
kitu muga-muga ieu tulisan aya manpaatna keur singsaha waé nu merlukeun.
Bobot sapanon carang sapakan muga agung cukup lumur.