Jumat, 30 Desember 2016

DONGĒNG DONGĒNG NGEUNAAN PUN NINI

P A N G A N T E U R

Kalayan ngucapkeun Alhamdulillah nu nyusun réngsé ngagarap ieu tulisan sanajan seuseut seuat, hésé anggeus loba horéamna, meureun pédah lain piduiteun. Ieu mah ditulis soteh keur mulangkeun deui panineungan jaman keur budak waktu nu nyusun di rorok ku nini, Lamun dina waktu nu rinéh tur salsé sok dipangdongéngkeun.

Matak hapa hui  eta istilah pun nini, lamun nyebutkeun ngaran atawa nyaritakeun lampah karuhun.Sabab kitu nu nyusun dina lebah nulis ngaran karuhun awalna sok maké sesebutan kapi ti istilah rundayan, dina jero kurung keur negeskeun yén nunyusun kapi naon ka éta karuhun contona ( Buyut ) Abdurahman sabab nunyusun pernahna kapi buyut.

Bener henteuna  ieu tulisan, walallahu,alam da sakadar dongéng, kadang meureun dongéng nu di dongéngkeun deui. Tapi sanajan kitu muga-muga ieu tulisan aya manpaatna keur singsaha waé nu merlukeun.

Bobot sapanon carang sapakan muga agung cukup lumur. 


"PUN NINI"

Pun Nini téh  wastana ( Ēyang ) Nyi Téméh Jumenah, putra bungsu ( Buyut ) Abdurahman ti opat sadulur, raka-rakana pameget sadayana  runtuyanna.
1. Sukatma .
2. Sura.
3. Muhamad Soleh. ( jeneng Kuwu )
4. Nyi  Téméh Jumenah

( Buyut ) Abdurahman salah sahiji Kuwu Desa Cimanggung  putra  ( Bao ) Mastapraja ti dua sadulur, rakana ( Buyut ) Abdurahman wastana teu kapaluruh ( pupus nalika orok kénéh). ( Bao ) Mastapraja  jeneng Patinggi Cibembem ( ngaran tempat saméméh jadi Pakuwon Cimanggung ), ngagentos ramana ( Jangawaréng ) Mbah Mindapraja,   ( Bao ) Mastapraja jeneng patingi dina jaman Bupati Pangéran Kornél . Malah kantos cepeng damel di Kabupatian Sumedang, ( Bao ) Mastapraja jadi nelah Ēyang Patinggi.

 Ibuna ( Ēyang ) Nyi Téméh Jumenah téh ( Bao ) Satmah  dilembur mah nyarebutna téh ma Apun  putra ( Buyut ) Daut, Turunan ti Garut nu nikahka  ( Bao )……………… ( ma Iyung ).
( Ēyang ) Nyi Téméh Jumenah kagungan putra lima runtuyanna

  1. Ēpon Aminah.
  2. Ibrahim ( pupus nuju murang kalih )
  3. Rokayah
  4. Adang Sulé. ( jeneng Kepala Désa  taun 1980 – 1988 )
  5. Dédéh Romlah
                                                
( Ēyang ) Nyi Téméh Jumenah dibabarkeun di Cimanggung taun 1903, pupus taun 2000 Dimakamkeun di makam kuluarga Cinangka.
Dongéng-dongéng nu sok dicaritakeun kanu nulis téh di antarana :

1. Nyebutan Rundayan ( turunan  )
2. ( Bao ) Mastapraja milu mantuan nyieun jalan Cadas Pangéran.
3.  Ménak ( Pangéran Kornél ) Moro di Patamon.
4.  ( Bao ) Mastapraja  Ngancurkeun Candi di Pasirsangiang
5.  Kasaktian Mbah Janggapraja ( rakana Bao Mastapraja )
6.  Turunan ( Bao ) Mastapraja mun salametan orok teu meunang ngayakeun marhabaan .
7.  Mimitina kecap Cimanggung di paké ngaran désa, nuasalna Kapatinggian Cibembem.
8.  ( Buyut )Abdurachman Ngokojoan nyieun susukan ti         cikelék ( Jaman dalem mekah ).
9.   Nyebutan ngaran ngaran nu kungsi jadi kuwu di cimanggung.
10. Asalna kecap ngaran Lembur Nusa,Cinangka,Pédés,Bendungan,Cikelék.
11. Asal kecap Parakanmuncang (Ménak marak)
12. Nyebutan ngaran ngaran waktu, jeung ngaran runtuyan turunan ( istilah sunda ).
13. Dongéng ahéng ’’ Si Dongkol ‘’,
14. Dongéng ahéng ‘’ Si Cantramawat ’’.

Kabiasaan-kabiasaan "pun nini’’ diantarana :

1. Sok nyieun rujak cau jeung kolek roti mun mimiti tandur disawah ( disebutna  nyalin )
2. Mun paré geus asup najero peti sok nancebkeun hihid jeung nundaan cai hérang na bekong batok
3. Sok ngeprakan tatangkalan ku sapu nyéré mun tas bubar solat Iedul Adha ( lebaran haji )
4. Mun Lebaran kudu waé nyieun  kupat, kuahna gulé jeung opor, Nyadiakeun kembang rupa rupa keur nadran di makam kulawarga.
5. Mun keur salsé Sok Mang maca wawacan  ( biasana sanggeus shalat isa ) di antarana Wawacan Layang Syéh, Purnama Alan jeung Si Ogin Amarsakti.

Carita / Dongéng  salengkepna

1. Nyebutan Rundayan  katurunan

Nu nyusun  dirorok ku pun Nini ( Ēyang ) Nyi Téméh Jumenah téh ti budak kénéh, samalah apal nu jadi indung bapa gé geus umur génép taunan waktu nu nyusun rék asup ka sakola dasar.

Carita atawa dongéng  na téh  diantarana nyebutan atawa nyaritakeun rundayan Karuhun bari di selang ngucapkeun  neda ‘’sihapuntén’’ cenah  duméh geus wani nyaritakeun  jenenganana Luluhur nu disebutan, baheula aya tradisi mun nyebut  atawa nyaritakeun kolot urang teh matak doraka atawa matak hapa hui cenah.( Udeg udeg )  Mindapraja kawit ti régol sumedang masih réréhan kulawarga kadaleman Sumedang ( akina Raden Demang Mangkupraja ), Anjeuna tumetep di hiji kampung anu loba tangkal bembem tempatna di suku gunung Kéréncéng sabada ngiring moro di leuweung kerenceng eta kampung nelah Cibembem, Wétaneun tilas puseur dayeuh kabupatén Parakanmuncang nu geus kaéréh deui ku kabupatén sumedang, Anjeunna terus bubuara ngababakan matuh di éta tempat, lila lila mah babakan téh jadi pilemburan nya jadi Kapatinggian Cibembem, Anjeunna dijenengkeun Patinggi di éta lembur.

Mindapraja kagungan putra dua, nu neraskeun janten patinggi mah putrana nu kadua nyaéta ( Bao ) Mastapraja, da putra nu kahiji mah ( Mbah Janggapraja ) resep ngulik élmu kasaktian. Saterasna ( Bao ) Mastapraja cepeng damel di Kabupatén, jabatan Patinggi di pasrahkeun kabawahannana.

( Bao ) Mastapraja kagungan putra dua nu kahiji pupus nuju orok kénéh, nu kadua wastana ( Buyut ) Abdurahman,  nu seterasna Janten Kuwu Cimanggung sabada Kapatinggian Cibembem di jadi Pakuwon.


2.  ( Bao ) Mastpraja  milu nyieun jalan cadas pangéran

Dina jaman sejarah penjajahan belanda saréréa oge geus pada nyaho kana kajadian waktu nyieun jalan pos ti Anyer nepi ka Panarukan anu sakitu lobana korban alatan kabengisan belanda waktu  kerja paksa rodi. waktos harita nu jeneng  Patinggi Cibembem  ( Cimanggung ayeuna ) teh ( Bao )  Mastapraja,   neraskeun ramana   nyaéta  Patinggi  ( Jangawaréng ) Min Suryadilaga.  
Nalika ngiring mantuan  nyieun jalan pos   anyer Panurakan téh ngaliwatan daérah Sumedang  dilebah nudisebut Cadas Pangéran ayeuna minangka lahan anu kacida hésé di gawéanana lantaran kudu nugar gunung batu cadas anu kacida teuasna da jaman harita mah alatna ukur balincong, pacul, linggis, bedog jeung palu sarta singkup. harita didinya loba pisan korban katelengesan kaum penjajah atawa Bangsa Walanda anu nyiksa rahayat sumedang,  enggoning ngalaksanakeun éta kahayangna.
Kacaritakeun sanggeus Pangéran kornél protes (nu diabadikeun dina patung di jalan cadas pangéran) Belanda mantuan nugar batu cadas téa tapi aya hiji batu  anu gedéna sagedé munding teu teurak ku linggis atawa pahat jeung teu beunang di gésérkeun sanajan saised ogé, nya harita kanjeng dalem ngayakeun riungan di kadaleman ngondang para patinggi sakadaleman nyawalakeun kumaha cara mindahkeun éta batu, Bari di émbohan jangjikeun bakal di gawékeun di kadaleman.
Dina keur pada baluweng mikiran éta masalah kalayan rerencepan ( Bao ) Mastapraja unjukan ka kangjeng dalem badé nyoba nyoba ngakalan éta batu, teras anjeuna ka luar tina gempungan ogé bari rerencepan ngajugjug ka cadas pangéran téa kalayan ,di bantosan ku rakana nu wastana Ēyang Janggapraja anu gaduh kasaktian nyungkal éta batu ku halu, teu sakara kara éta batu ngagulutuk kana jurang sorana ngaguruh lir gunung urug. Saterasna ( Bao ) Mastapraja di damel di kadaleman , Kapatinggian dipasrahkaeun ka bawahanna , tapi nembé gé sababaraha sasih kumawula anjeuna teu damang teras mulih deui ka kapatinggian Cibembem. ( Bao ) Mastapraja sabada pupus di makamkeun di Pangicis.

3. Ménak ( Pangéran kornél ) Moro ( Asal Kecap Patamon )

Salah sahiji kalangenan Pangéran kornél téh nyaéta moro mencek di leuweung.  ceunah Angkat natéh  bada subuh tunggang kuda di iring rombongan para abdi dalem ti gunung puyuh teras naék ka gunung keréncéng  laju ka gunung kareumbi  palebah nu ayeuna di sebut patamon, rombongan téh istirahat sagala katuangan katut leueuteun tos di sayogikeun ku pribumi ( Bao Mastapraja )  nu jadi Patinggi waktos harita, seueur rahayat  anu ngiring  sukan-sukan ngadon moro mencek istilahna megat udagan  bari sakalian hoyong tepang sareng ménak ,pangna disebut Patambon cenah pédah éta tempat kapungkurna téh sok dijadikeun  tempat pikeun  istirahat tamu  (ménak nu tos moro), malah sabagian beubeunangan moro  éta mencek sok teras - diparasak atawa di beulem, bérés istirahat terus turun ka pilemburan di bagéakeun ku rahayat bari disampakeun rupa-rupa kasenian jaman harita kayaning celempungan,pantun, jeung tayuban  dina papangungan pikeun ngahibur rombongan  ménak téa nutas moro.
4. (
Bao ) Mastapraja  ngancurkeur candi di Pasirsangiang

Sesebutan Candi di pasir sangiang mémang (cenah) aya ti baheuna aya juntrungna, dina lebah punclut ngajegir candi urut pamujaan nunganut agama hindu ( Kira kira sagedé candi cangkuang ), ngan sanggeus rahayat disabudeureun éta tempat loba nuasup agama islam cul wé teu dipiroséa deui.
Kulantaran inggis diparaké pamujaan deui nya  Patinggi ( Bao Mastapraja ) katut rahayatna ngancurkeun  éta candi, batu batuna di prékprékan nepi ka ancur, sababaraha batu pasagi anu euweuh gambaran ‘’relief’’ di candak ka lembur di anggo tatapakan wangunan imah( éta batu kunu nulis  di ampihan kénéh ngan kari lima siki deui )
Carita nu sarua di Dongéngkeun ogé ku bapa Ingik (Cinangka) jeung bapa Anda (Nyalindung).
5.  Kasaktian Mbah Janggapraja ( rakana 
Bao  Mastapraja )

Mbah Janggapraja teh rakana ( Bao ) Mastapraja dua sadulur putrana ( Jangawaréng ) Mbah Mindapraja,
Dina hiji waktu ( Buyut ) Abdurahman téh miwarang ka pakacarna mindahkeun lisung kai  anu panjang tur badag paranti nutu, éta lisung diséréd ku jalmi opatan téh teu régrog régrog sanajan ngaluarkeun tanaga sataker kebekgé angger éta lusung téh teu ngésér waé, keur kitu torojol Mbah Janggapraja kadinya bari gumujeng anjeunna miwarang nyaringkah kanu aya didinya téh, teras éta lisung ku anjeunna di campa bari di gereman teu sakara kara éta  lisung téh maju jiga nu di séréd ku dozer mun ayeuna mah, ( Buyut ) Abdurahman mah pernah ua ka Mbah Janggapraja téh.
Sejen waktos, ( Buyut )  satmah ( istrina Buyut Abdurahman ) sareng réncangna nuju popolah di dapur ngagodog kupat dina hawu, Mbah Janggapraja ngiring siduru bari sampéana diasupkeun kana jero hawu nu seuneuan.
Kasaktian nu séjéna mun ngala kalapa cukup ku roko daun kawung di tiupkeun, roko daun kawung ngabelesat jiga panah, ngala samanggar mah cukup ku sakali niup, jeung réa réa deui kasaktian nu liana.
Malah cenah sabada pupusna ogé mun aya manuk hiber luhureun makamna ata manuk sok ngadak ngadak ragrag . Mbah Janggapraja di makamkeun di kalereun astana gede.

6.     
Turunan ( Bao ) Mastapraja mun salametan orok teu meunang  ngayakeun marhabaan 

( Uyut ) Abdurahman teh  putra ( Bao ) Mastapraja nu ka dua nu kahiji namah ngantunkeun waktu masih orok kénéh dina waktos nuju dipangku salametan marhabaan . Nya Ti harita ( Bao ) Mastapraja kedal ucap Pantrangan Tujuh Paturunan Teu meunang marhabaan lamun nyalemetkeun orok téh, tapi waktos ( Eyang ) Téméh Jumenah jumeneng kénéh éta patrangan téh tos dilubarkeun kalayan kanggo hajat salametan.
7. Mimiti kecap Cimanggung di pake ngaran Pakuon/Desa

Sabada ( Bao ) Mastapraja cepeng damel di kabupatén Nu neraskeun jadi Patinggi téh   H Said, ari nu jadi Jurutulisna nyata ( Buyut ) Abdurahman. Sanggeus sababara lami nya di ayakeun pamilihan kuwu anu munggaran ari pamilona  H. Said sareng ( Buyut ) Abdurahman. Ēta pamilihan di kengingkeun ku ( Buyut ) Abdurahman
Nya ti harita nukatelahna Kapatinggian Cibembem tĒh di sebut Pakuwuan Cimanggung Nyokot ngaran tina walungan anu meulah eta pakuon ( saméméh di mekarkeun jadi dua désa Cimanggung jeung Tegalmanggung taun 1980 an ).
8.  (
Buyut ) Abdurahman Ngokojoan nyieun susukan ti cikelék (Jaman dalem mekah)

Baheula saméméh aya solokan nu ti cikelék rahayat téh sok ngagunakeun cai  ti walungan Cimanggung anu hulu caina ti gunung kéréncéng ( baheula disebut ogé gunung béksér ) nu ngamuara ka walungan ciratik boh keur kaperluan tani atawa kaperluan rumahtangga caina ngagulidag hérang bersih .
Tapi lila lila mah éta cai walungan téh teu nyukupan deui jang kaperluan tatanén lantaran nambahna lahan garapan sawah. Atuh sabada aya paréntah ti kanjeng dalem ( Dalem Sugih) nya dijieun solokan cimalagantung (éta solokan di atur ku nagara)  lantaran lahan pasawahan nambahan deui atuh cai téh teu nyukupan deui keur tatanén nya Harita [éyang] Abdurahman maréntahkeun nyieun solokan désa nu sunggapannana di cikelék kalawan sacara gotong royong  (lebakeun  cimalagantung)
Atuh lembur téh  jadi kacida suburna, tanah nu asalna tegalan ngajanggélék jadi pasawahan nu héjo ngémploh cai curcor rahayatna jadi sugih mukti , malah katelah mangrupakeun hiji lembur pangjugjugan pikeun jalma anu  seja  bumetah, boh ménak boh cacah pada ngahiji sabilulungan ngaheuyeuk lembur nu ahirna jadi pakuwon  nu pi kabetaheun nya ti harita di sebut Cimanggung meureun nyokot tina istilah cai nu mawa manggung. Ari anu jadi dalemna harita téh  katelah Dalém Mekah.

9. Nyebutan ngaran ngaran nu kungsi jadi kuwu di cimanggung

Ari nu kungsi jadi Patinggi / Kuwu / Kepala Desa
Saur pun nini  téh  nyaeta
Jaman Penjajahan  Belanda (Gelar Patinggi Cibembem)

1.  MBAH MINDAPRAJA
2.  MASTAPRAJA 
………………Saterasna Bao Patinggi ( Mastapraja ) di angkat damel di kadaleman Sumedang, Kalungguhan Patinggi dipasrahkeun Kabawahannana. Kalayan gelarna robah jadi Kuwu .              
-.  H. SAID    juru tulisna  Abdurahman.                          
-.  H. ABDURAHMAN     {putrana Bao Mastapraja}
-.  M.SOLEH          { Putrana Buyut H. Abdurahman }  
-.  KARTA                            { Mantuna M. Soleh,/ Istrina N Juariah  }
-.  WIRYA                             
-.  H.WAHYUDIN         { Ngajabatna kirang ti sataun }        
-.  KASTOMI                     
-.  AJEN KASTOMI       { Putrana  Kastomi } 
- . ADANG SULE  { Putuna Buyut H. Abdurahman/Putrana Eyang Nyi Temeh J }
...................................... Sakitu nu ditataan jadi kuwu da ngadongeng nage keur jaman kapala desa na Adang Sule  { ua nu nulis }
10. Asal kecap Ngaran lembur

Sebutan lembur atawa  kampung di sabudeureun nunyusun Umumna dicokot tina istilah kaayaan alam, hiji kajadian, jeung lalandinan. Anu nyokot tina kaayaan alam sampakan (diéta tempat pernah aya atawa loba ) dina mangsa harita seperti  Cinangka, Cireungas, Pédés, Selacau, Sawahpeundeuy, Cihonjé, Pasirmuncang, Batu nangtung,Warunenggang, Cilimusjanggkung, Cibembem, Legokbitung, Tegaljambu, Lamping, Pasirwaru, Taneuhbeureum, Cikukun. Tina Hiji kajadian Alam (Jieunan) diantarana Bendungan, Nusa, Pangicis, Urug,
11. 
Asal kecap Parakanmuncang (Menak marak)
  
 Kecap Parakanmuncang téh  nyokot tina kecap ngaran tempat sisi walungan citarik ( manabaya ayeuna ) Leuwi Tempat marak nu di sabudeureuna loba tangkal mucang, ari kagiantan marakna dilakukeun dinausum halodo sataun sakali, numarakna Para pangagung kadaleman jeung rahayatna. Kecap Parakanmuncang saterusna jadi ngaran Kabupatén, puseur dayeuhna ( Alun-alun ) kulon nepika pangsor, kalér Cimandé, wétan Cilamé,  kidul Pamoyanan. Saterusna ngahiji deui jeung sumedang , saméméh Pangéran kornél Jadi Bupati Sumedang nu jadi bupatina téh  Dalem Tanubaya ( asalna Bupati Parakanmuncang)
Putra Dalem Tanubaya nu istri nikah ka Abdidalemna waktos ramana janten bupati Sumedang éta putra istri teu ngiring tapi tetep di Parakanmuncang nya ngarundaykeun turunan di éta tempat.
12.     Nyebutan ngaran ngaran waktu, jeung ngaran runtuyan turunan  ( istilah sunda )  
           
Baheula mah cenah  nuduhkeuh waktu   lain ku jam kawas ayeuna tapi ku ngaran wanci, peuting téh  geus  abus kana poé isukna  24 jam di sebutna sapeuting sapoe contona malem jumaah dimimitian ti wanci sareupna nepika burit.
Susunana kieu

Peuting / Malem

1.  Sareupna                     Kira-kira                               ( jam 18.00  )
2.  Harieum beungeut                                                    ( jam 18.30 – 19.00 )
3.  Sareureuh budak                                                       ( Jam 20.00 )
4.  Sareureuh kolot                                                         ( jam 21.00 )
5.  Tengah peuting                                                          ( jam 24.00 )
6.  Janari leutik                                                               ( jam 02.00 )
7.  Janari                                                                          ( jam 04.00 )
8.  Balebat                                                                       ( jam 05.00 )


Beurang / Poé

9.  Carangcang tihang                                                      ( jam 05.30 )
10. Murag ciibun                                                              ( jam 07.00 )
11. Haneut moyan                                                            ( jam 08.00 )
      12. Rumangsang                                                               ( jam 09.00 )
13. Pecat sawed                                                                ( jam 11.00 )
14. Manceran, Tengah poé                                                ( jam 12.00 )
15. Lingsir ngulon                                                             ( jam 13.00 )
16. Soré                                                                            ( jam 15.00 )
17. Tunggang gunung                                                      ( jam 16.00 )
18. Sariak layung                                                              ( jam 17.00 )
19. Burit                                                                            ( jam 18.30 )


Aya ogé istilah istilah séjénna nu matok kana kagiatan kaagamaan contona Bedug Dawuh waktuna sarua jeung Pecat sawed Jam sabelasan  sabab baheula mah kuli macul teh ngan nepika jam sabelas, pecad sawed  hartina ngalesotkeun sawed ( alat tani ) tina munding, Manjing Lohor, Manjing Isa Jeung sajabana.
Ngaran runtuyan kulawarga istilah sunda aya tujuh ( tujuh generasi ) geuning sok aya istilah tujuh turunan, boh tihandap kalihur atawa sabalikna, kaluhur di sebut karuhun kahandap disebut rundayan.
 
       Runtuyan Karuhun ( tihandap kaluhur 

       1. Indung / Bapa       2. Ēyang ( Aki / Nini )       3. Buyut       4. Bao       5. Jangawaréng       6. Udeg-udeg       7. Gantung siwur
      
Runtuyan Rundayan ( tiluhur kahandap )

1.      Putra ( anak )
2.      Putu ( incu )
3.      Buyut
4.      Bao
5.      Jangawaréng
6.      Udeg-udeg
7.      gantung siwur
  

Tidak ada komentar:

Posting Komentar